Jieun kalimah anu ngajelas keun ka babaturan yen hidep resep lalajo wayang
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah basa Sunda nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Nyarita jeung babaturan nu geus loma sok biasa digunakeun ragam basa loma. Sedengkeun lamun nyarita jeung babaturan nu can loma bisa oge digunakeun ragam basa hormat / lemes.
Pembahasan
Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda beda jalma tapi pikeun ngahormat ka kolot atawa nu saluhureun jeung ngajenan ka sasama atawa nu sahandapeun. Di handap ieu conto kalimah anu ngajelaskeun ka babaturan yen hidep resep lalajo wayang, dina ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes:
- Kuring mah sok resep lamun lalajo wayang teh sabab sok loba carita pieunteungeun atawa picontoeun (ragam basa hormat / lemes)
- Abdi mah sok resp upami nongton wayang teh margi sok seueur carios pieunteungeun atanapi picontoeun (ragam basa loma)
Carita nu aya dina wayang atawa carita wayang ditulis dumasar kana carita nu aya dina Ramayana jeung Mahabarata nu asalna ti India. Tapi carita wayang nu aya di Indonesia, saperti di daerah Sunda, Jawa atawa Bali, caritana geus kapangaruhan ku carita nu aya dina carita lokal, jeung kapangaruhan ku agama Isalam upama carita wayang nu aya di Sunda jeung Jawa.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : nyieun kalimah basa Sunda