naon sababna guguritaan teu bisa dileupaskeun tina pupuh ??tolong bantu
B. Daerah
bin21
Pertanyaan
naon sababna guguritaan teu bisa dileupaskeun tina pupuh ??tolong bantu
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Guguritaan teu bisa dileupaskeun tina pupuh sabab guguritan teh nyaeta mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh. Kukituna guguritan teh teu bisa leupas tina pupuh. Conto puisi Sunda lianna, salian ti guguritan, nu kaiket ku aturan pupuh, nyaeta wawacan.
Aya 17 rupa aturan atawa patokan pupuh. Aturan atawa patokan pupuh eta dibagi jadi dua kelompok, nyaeta nu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina nepikeunnana pupuh biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa tembang.